Cerita Lucu, Bobodoran Sunda - Bioskop

Hiji poe jam 8 isuk, Kriiiiing.... aya telepon di meja loket bioskop Chandra Subang

Otong : "Hallow kang, uing rek nanya bioskop buka jam sabaraha?"
Penjaga : "engke jam 1 jang"
Otong : "buka na jam 9 we nya,,kang !"
Penjaga : "teu bisa atuh jang, geus biasa jam 1 buka na"
***
Jam 11 telepon disada deui..
Otong : "Hallow,,jam sabaraha buka na bioskop teh?"
Penjaga : "maneh nu tadi nelepon nya?? pan geus di bejaan ,, buka na jam 1 plokk"
Otong : "Jam 12 we atuh kang nyaaa.."
Penjaga : "teu bisa, emangna bioskop nini maneh ??"
Otong : "nawar saetik we atuh kang,,sing karunya,,baelah satengah 1 we nya..?"
Penjaga : "sabenerna maneh teh hayang lalajo film naon atuh plokk,,mani kacida pisan,,hayoh we neleponan.(keuheuleun pisan)
Otong : "hiks,,hiks,,(ceurik) uing ka konci dijero bioskop kang,,peuting pas lalajo film kasarean,,tulungan atuh kang,,pang mukakeun pantona,,uing hayang balik..Emaaaaaaa (ceurikna beuki tarik)"

Cerita Lucu, Bobodoran Sunda - Kabogoh Saha

Ucil : "Ned, timana euy?"
Juned : "geus apel ngan teu jadi"
Ucil : "eh geuning sarua jeung uing, rek apel teu jadi"
Juned : "naha maneh teu jadi?"
Ucil : "karek oge uing diuk jeung manehna, eh aya jelema muka jandela ti luar. Uing kabur we da bisi salakina euy..ari maneh naha teu jadi Ned ?"
Juned : "puguh urang oge karek rek asup tina jendela, nempo aya lalaki keur diuk dina sofa jeung manehna, urang kabur da bisi salakina"
Ucil : "ari maneh apel ka saha kitu?"
Juned : "Nini Uti"
Ucil : "geuning sarua"
(tungtungna mah duanana ting haruleng)

Cerita Lucu, Bobodoran Sunda - Kopi Luwak

Di kelas Pa Guru nganjentrekeun ka murid-muridna:
Guru: Barudak kudu apal yen kopi luwak teh sihoreng ngaburusut tina bujur careuh.
Murid: Kumaha Pa pami careuhna musnah padamoro?
Guru : Kopina baheum ku maneh ... ngaburusut tina bujur maneh

Cerita Lucu, Bobodoran Sunda - Game Over

Kiwari di sakola SD oge tos disadiakeun fasilitas komputer pikeun barudak supaya teu gaptek. Guru komputer nayakeun ka muridna:\
Guru : Game naon nu dipikaresep?
Ucu  : Game Bola
Guru: Ci, game naon?
Uci : Game Perang
Guru : Pami Aca resep game naon?
Aca : Game Over Pa
Guru : ...???
Aca : Muhun pa panginstalken Game Over na komp abdi pa.

Cerita Lucu, Bobodoran Sunda - Bocor Puasa

Mang:  Ucu kumaha ayena bocor deui teu puasa teh?
Ucu: Heunteu mang ayeuna mah
Mang: Tah kitu kudu kuat atuh nahan lapar
Ucu: Muhun mang tadi lohor nu bocorna ku ucu tos ditambal ku sangu goreng sapiring, jadi we teu bocor.

Cerita Lucu, Bobodoran Sunda - Open Together

Ema: Ujang bade kamana tos rapi kitu?
Ujang: Bade open together ma di masjid An_Nur
Ema: Ari kamari ti mana? pan kamari ge di oven
Ujang: Kamari mah open together na di sakola
Ema : Ari isuk rek dimana diovena?
Ujang: Enjing mah di Yayasan Al Mubarokah open togetherna.
Ema: Moal tutung eta awak ujang ungal sore di oven wae.... di imah we atuh  pan ema ge boga oven mah.
Ujang: +-...?!!!!